Sabtu, 25 Februari 2012

RINGKESAN NOVEL "RUSIAH NU GORENG PATUT"

NOVEL
Rusiah Nu Goreng Patut


Ringkesan
Dina hiji poe langit mendung, semu diharudum halimun, estu matak was, cacandran rek turun hujan,, teu kungsi lila hujan turun, dor-dar gelap, beuki lila hujan beuki gede, kawas beunang nyicikeun ti langit. tah lamun hujan gede geus turun, biasana jangkrik cing ngaringcik, bangkong kalaluar, sawah ngaremplang caraian.
Karnadi jalma biasa, pendek, beungeutna rubak, huntuna tongos, irungna nambru, pakulitan hideung, jeung gendut. Boga pamajikan ngaranna Nyi Usni, boga anak 3, nu paling leutik orok keneh.
Asal muasalna Karnadi ti dayeuh ngan pindah ka Cijawuran jadi tukang ngala bangkong,. Sapopoena Karnadi ngala bangkong lamun tas turun hujan, kitu gawe Karnadi teh. Babaturan deukeut Karnadi, anu sok ngabaturan sapopoena nyaeta Marjum. Hujan gede turun, Karnadi jeung Marjum indit ka sawah ngala bangkong, ku sabab tasbhujannturun, maranehna meunang bangkong loba,, eta bangkong teh sok dijual ka pasar poe isukna.
Isukna Marjum nyampeur ka imah Karnadi, maranehna duaan rek ka pasar ngajual bangkong tea. Tapi Si Karnadi, basa Marjum nyamper teh keur siap-siap. Saacan indit ka pasar, Karnadi nyarita ka Marjum   yen Karnadi teh hayang nyandung, hayang boga pamajikan nu geulis. Basa nepi di pasar Karnadi ningali Eulis Awang, Karnadi lansung resep ka Eulis Awang.
Di pasar Karnadi nyarita ka Marjum yen manehna rek nuturkeun Eulis Awang, Marjun dititah balik ti heula. Sanggeus Karnadi nyaho imah  Eulis Awang, manehna balik tuluy nyarita ka Marjum, yen Karnadi rek pura-pura jadi Raden Sumtana Anemer anu kacida beungharna.
Isukna Karnadi ngalaksanakeun rencanana, yen manehna teh rek pura-pura jadi Raden Sumtana Anemer anu beunghar, ku sabab Marjum sobat anu deket jeung Karnadi, maneha ngabantuan rencana Karnadi. Mimiti Marjum dititah nyewa baju ka kulawarga Anemer ku Karnadi, kuruparupa alesan, tuluy Marjum dititah ku Karnadi ngabejaan pamajikanana Karnadi yen manehna teh kacilakaan ku sabab katabrak, tuluy dirawat di rumah sakit Rancabadak. Karnadi apal yen Nyi Usni moal daekeun nyusulan Karnadi, ku sabab teu bogaeun duit, boro-boro keur nyusulan Karnadi ka rumah sakit, sapopoe oge lamun dahar isuk pasti moal manggih sore.
Karnadi ngalaksanakeun rencanana, nepi ka eta Eulis Awang anak Mas Sura teh daek di kawin ku Karnadi, sabab Mas Sura kagoda ku kabeungharan Raden Sumtana Anemer anu beunghar tea.
Basa acara kawinan dimimitian, Karnadi ningali pamajikannana Nyi Usni aya di jalan keur dalahar jeung 2 anakna, pikir Karnadi, “naha budak nu dibawa ku Nyi Usni ngan dua, nu hiji deui kamana?”, manehna teu apaleun yen pamajikanana Nyi Usni nyusulan ka rumah sakit laleumpang jeung 2 anakna rek ngabejaan Karnadi yen budakna nu pangais bungsu teh maot sabab gearing panas nyebret. Satepina Nyi Usni di rumah sakit, tuluy apal yen salakina Karnadi teh euweuh, atuh Nyi Usni pingsan, keur mah cape geus leumpang jauh tuluy Karnadi euweuh. Satepina ka imah Nyi Usni kapoekan, tetenjoanana karoneng, sukuna rampohpy, nepi ka budak nu orok ceurik ge teu kaperhatikeun ku Nyi Usni, nepi ka eta budak orok maotna.
Isukna Marjum nyusulan karnadi, Karnadi teh kudu gancang balik kusabab geus lila teu balik-balik, karunya ka Nyi Usni. Karnadi pamitan heula ka Eulis Awang yen manehna rek nyiar soal tanah, tuluy Karnadi ge pamitan ka Mas Sura.
Satepina di imah, Nyi Usni hare-hare ka Karnadi, ditanya “dimana barudak?” Nyi Usni teu ngajawab. Basa tatanggana ngabejaan yen anakna nubungsu jeung nuncikal maot. Ti dinya Karnadi kaduhung tuluy ngahuleung. Peuting-peuting sanggeus hujan, Karnadi ngalaa deui bangkong ka sawah, tapi ayeuna mah sorangan, sabab Marjum geus eraeun sosobatan jeung Karnadi. Satepina di sawah euweuh bangkong hji-hiji acan, Karnadi kaapoekan tuluy malidkeun maneh ka Citarum nu kabeneran caina keur caah kusabab tas hujan tea, kerebek teh Karnadi ngelelep, mayitna umpal-umpalan kabaea cai.

Minggu, 08 Januari 2012

Conto Esai Kasundaan

"Korupsi" dina Basa Sunda

Ku : Mamat Sasmita

Dina kamus Sunda-Inggris karya Jonathan Rigg anu diterbitkeun dina taun 1862 kecap korupsi teu kapanggih, kitu deui dina kamus basa Sunda-Melayu karya R.Satjadibrataanu terbit dina taun 1944 jeung dina kamus Sunda-Sunda Satjadibrata anu terbit taun1948 kecap korupsi teu kapanggih. Dina kamus basa Walanda-Sunda beunang S.Coolsma anu terbit dina taun 1910, kecap korupsi dina basa Walanda ge teu aya, sigana Coolsma ngahaja teu ngasupkeun kecap korupsi ku lantaran euweuh pisundaeunana. Dina mangsa kiwari kecap korupsi teh geus diaku jadi basa Sunda, hal nu jadi tandana nyaeta mindeng asup kana media citak basa Sunda, malah kapan Majalah Cupumanik mah kungsi nulis ngeunaan korupsi, kecap korupsi dipake sagemblengna. Anu jadi tanda sejenna kecap korupsi geus diaku jadi basa Sunda nyaeta geus asup kana kamus basa Sunda dina Kamus Sunda-Sunda LBSS (Lembaga Basa Sastra Sunda) ngan diejahna koreupsi, kamus ieu mimiti terbit taun 1975. Buku kamus Sunda-Sunda LBSS geus mindo citak anu ka tujuh panungtungan dicitak taun 1992, kecap korupsi tetep diejah koreupsi. Hartina koreupsi ceuk kamus Sunda-Sunda LBSS nyaeta : koreupsi (tina basa Walanda); kacurangan dina ngajalankeun papancen nguruskeun duit atawa milik nagara atawa milik pausahaan jste, pikeun nguntungkeun diri pribadi atawa golonganana. Buku kamus sejen anu ngasupkeun kecap korupsi nyaeta buku Sundanese-EnglishDictionary yasana RR Hardjadibrata anu terbit taun 2003, dicutat sagemblengna :korupsi noun (Dutch), corruption; ngorupsi, commit corruption with something, misappropriate something, (eg public property etc).Diakuna hiji kecap basa asing kana basa daerah (Sunda) aya sababaraha alesan diantarana euweuh sasaruanana dina basa daerah sedengkeun eta kecap basa asing teh mindeng dipake jeung hartina geus dipikawanoh ku masarakatna. Ana kitu kecap korupsi ge geus kacida dipikawanohna ku urang Sunda, bisa bae dipikawanohna teh alatan mindeng kajadian ayana korupsi atawa ngan sakadar hiji berita anu pantes dikanyahokeun ku masarakat Sunda, bisa bae kajadian korupsi-na mah di luar tatar Sunda. Tapi sigana mah korupsi ge kungsi jeung eukeur mahabu di tatar Sunda, malah kungsi aya anggapan korupsi di Jawa Barat kaasup kadua panggedena (ilikan dinawww.google.com , entry korupsi jawa barat ). Mukaan kamus basa Sunda bakal kapanggih kecap basilat, hartina basilat ceuk sababaraha kamus : Kamus Sunda-Sunda Satjadibrata : neangan kauntungan nu ngarugikeun ka batur.Kamus Sunda-Sunda LBSS : licik, curang, teu jujur; lampah basilat, lampah curang ngarugikeun batur upama nipu, koreupsi. Kamus Sunda-Inggris RR Hardjadibrata : (adj) sly, corrupt, dishonest, deceiful, actdeceitfully, distort the fact, corrupt practices. Dua kamus nyebutkeun basilat teh sarua jeung korupsi.
Kecap basilat mangsa kiwari arang langka digunakeun ku media masa basa Sunda boh media citak boh media elektronik, hal ieu teh bisa bae ku lantaran hartina kurang dipikawanoh, eleh populer ku kecap korupsi. Hanjakal kecap basilat dina kamus Sunda-Inggris Jonathan Rigg teu kapanggih, sigana kecap basilat harita can aya atawa memang kecap anyar anu asalna tina basa deungeun, hal ieu bisa dibandingkeun jeung katerangan dina kamus Sunda-Melayu Satjadibrata anu nyebutkeun kecap basilat asalna tina kecap bersilat basa Melayu, diilikan harti bersilat tina kecap asal silat dina kamus eta keneh kapanggih : silat ; basilat (bandingkeun bersilat Melayu) lancung (kepada orang ). Tapi lamun ngilikan dina Kamus Besar Bahasa Indonesia hartina silat nyaeta olah-raga ketangkasan menyerang dan membeladiri, aya anu kira kira bakal saharti nyeta bersilat kata (lidah) nu kira kira pihartieunana debat, ngadu kapinteran silih tempas. Kecap sejen kayaning ceceremed, cocorokot, maling, madog, maok, ngabangsat, curaling, nipu, ngarah ngarinah hartina mah kapan eta-eta keneh, ari curaling, nipu, ngarah ngarinah leuwih condong kana kalakuan teu jujur. Rampog, begal, bajo mah teu kudu diasupkeun lantaran eta mah sanajan hartina ampir sarua maling maling keneh tapi bari jeung aya unsur maksa mirusa, dilakukan kalawan terang-terangan jeung dilakukeun biasana ku jalma leuwih ti saurang. Nilik lobana kana kecap  basa Sunda anu hartina maling, bisa bae disebut, eta teh kabeungharan basa Sunda atawa boa boa bakating ku loba kajadian pulang paling jaman karuhun baheula nya kecap basa Sunda nu hartina maling ge jadi loba atawa sabalikna karuhun baheula teh geus wacis jeung mere tangara supaya urang Sunda ulah ngalakukeun hal hal kalakuana anu goreng patut, lobana kecap teh sangkan jadi bebenteng diri tina kalakuan goreng patut eta. Lamun urang nyaksian boh gambar dina media citak atawa ningali dina televisi, anu dituduh korupsi teh sok katingali perlente, make sapatu make dasi, terpelajar, leucir, boga pangkat, pinter, boga nomer induk kepegawaian, capetang pertentang, teu eraan. Kacida patojaiahna jeung anu katewak dituduh maling, beungeut kusut, tara nyisiran, make sendal capit, make kaos buntung, calana belel, ngomong ge siga nu embung kaciri beungeut. Sigana anu jadi sabab nyaeta kecap korupsi mah asalna tina basa asing, basa deungeun, anu hartina ngan sakadar apal dina biwir, teu nyerep kana hate, jadi ngarasa henteu salah, beda deui lamun disebut maling, maok, sabab maling jeung maok mah kecap anu geus kaharti kalawan nyerep kana hate. Ana kitu ganti we atuh kecap korupsi teh ku kecap maling, sugan we korupsi teh jadi ngurangan.
Mamat Sasmita

Pangsiunan pagawe Telkom, nu ngokolakeun Rumah Baca Buku Sunda

(Artikel ieu dimuat dina Majalah Cupumanik No.43 Pebruari 2007)

Esai

Dari Wikipedia bahasa Indonesia, ensiklopedia bebas

Esai adalah suatu tulisan yang menggambarkan opini penulis tentang subyek tertentu yang coba dinilainya
Bagian esai
Sebuah esai dasar bisa dibagi menjadi tiga bagian yaitu:
  • Pertama, pendahuluan yang berisi latar belakang informasi yang mengidentifikasi subyek bahasan dan pengantar tentang subyek yang akan dinilai oleh si penulis tersebut.
  • Kedua, tubuh esai yang menyajikan seluruh informasi tentang subyek.
  • Ketiga, adalah bagian akhir yang memberikan kesimpulan dengan menyebutkan kembali ide pokok, ringkasan dari tubuh esai, atau menambahkan beberapa observasi tentang subyek yang dinilai oleh si penulis.
Langkah-langkah pembuatan esai
Jika dipetakan mengenai langkah-langkah membuat esai, bisa dirunut sebagai berikut:
  1. Menentukan tema atau topik
  2. Membuat outline atau garis besar ide-ide yang akan kita bahas
  3. Menuliskan pendapat kita sebagai penulisnya dengan kalimat yang singkat dan jelas
  4. Menulis tubuh esai; memulai dengan memilah poin-poin penting yang akan dibahas, kemudian buatlah beberapa subtema pembahasan agar lebih memudahkan pembaca untuk memahami maksud dari gagasan kita sebagai penulisnya, selanjutnya kita harus mengembangkan subtema yang telah kita buat sebelumnya.
  5. Membuat paragraf pertama yang sifatnya sebagai pendahuluan. Itu sebabnya, yang akan kita tulis itu harus merupakan alasan atau latar belakang alasan kita menulis esai tersebut.
  6. Menuliskan kesimpulan. Ini penting karena untuk membentuk opini pembaca kita harus memberikan kesimpulan pendapat dari gagasan kita sebagai penulisnya. Karena memang tugas penulis esai adalah seperti itu. Berbeda dengan penulis berita di media massa yang seharusnya (memang) bersikap netral.
  7. Jangan lupa untuk memberikan sentuhan akhir pada tulisan kita agar pembaca merasa bisa mengambil manfaat dari apa yang kita tulis tersebut dengan mudah dan sistematis sehingga membentuk kerangka berpikir mereka secara utuh.