Sabtu, 25 Februari 2012

RINGKESAN NOVEL "RUSIAH NU GORENG PATUT"

NOVEL
Rusiah Nu Goreng Patut


Ringkesan
Dina hiji poe langit mendung, semu diharudum halimun, estu matak was, cacandran rek turun hujan,, teu kungsi lila hujan turun, dor-dar gelap, beuki lila hujan beuki gede, kawas beunang nyicikeun ti langit. tah lamun hujan gede geus turun, biasana jangkrik cing ngaringcik, bangkong kalaluar, sawah ngaremplang caraian.
Karnadi jalma biasa, pendek, beungeutna rubak, huntuna tongos, irungna nambru, pakulitan hideung, jeung gendut. Boga pamajikan ngaranna Nyi Usni, boga anak 3, nu paling leutik orok keneh.
Asal muasalna Karnadi ti dayeuh ngan pindah ka Cijawuran jadi tukang ngala bangkong,. Sapopoena Karnadi ngala bangkong lamun tas turun hujan, kitu gawe Karnadi teh. Babaturan deukeut Karnadi, anu sok ngabaturan sapopoena nyaeta Marjum. Hujan gede turun, Karnadi jeung Marjum indit ka sawah ngala bangkong, ku sabab tasbhujannturun, maranehna meunang bangkong loba,, eta bangkong teh sok dijual ka pasar poe isukna.
Isukna Marjum nyampeur ka imah Karnadi, maranehna duaan rek ka pasar ngajual bangkong tea. Tapi Si Karnadi, basa Marjum nyamper teh keur siap-siap. Saacan indit ka pasar, Karnadi nyarita ka Marjum   yen Karnadi teh hayang nyandung, hayang boga pamajikan nu geulis. Basa nepi di pasar Karnadi ningali Eulis Awang, Karnadi lansung resep ka Eulis Awang.
Di pasar Karnadi nyarita ka Marjum yen manehna rek nuturkeun Eulis Awang, Marjun dititah balik ti heula. Sanggeus Karnadi nyaho imah  Eulis Awang, manehna balik tuluy nyarita ka Marjum, yen Karnadi rek pura-pura jadi Raden Sumtana Anemer anu kacida beungharna.
Isukna Karnadi ngalaksanakeun rencanana, yen manehna teh rek pura-pura jadi Raden Sumtana Anemer anu beunghar, ku sabab Marjum sobat anu deket jeung Karnadi, maneha ngabantuan rencana Karnadi. Mimiti Marjum dititah nyewa baju ka kulawarga Anemer ku Karnadi, kuruparupa alesan, tuluy Marjum dititah ku Karnadi ngabejaan pamajikanana Karnadi yen manehna teh kacilakaan ku sabab katabrak, tuluy dirawat di rumah sakit Rancabadak. Karnadi apal yen Nyi Usni moal daekeun nyusulan Karnadi, ku sabab teu bogaeun duit, boro-boro keur nyusulan Karnadi ka rumah sakit, sapopoe oge lamun dahar isuk pasti moal manggih sore.
Karnadi ngalaksanakeun rencanana, nepi ka eta Eulis Awang anak Mas Sura teh daek di kawin ku Karnadi, sabab Mas Sura kagoda ku kabeungharan Raden Sumtana Anemer anu beunghar tea.
Basa acara kawinan dimimitian, Karnadi ningali pamajikannana Nyi Usni aya di jalan keur dalahar jeung 2 anakna, pikir Karnadi, “naha budak nu dibawa ku Nyi Usni ngan dua, nu hiji deui kamana?”, manehna teu apaleun yen pamajikanana Nyi Usni nyusulan ka rumah sakit laleumpang jeung 2 anakna rek ngabejaan Karnadi yen budakna nu pangais bungsu teh maot sabab gearing panas nyebret. Satepina Nyi Usni di rumah sakit, tuluy apal yen salakina Karnadi teh euweuh, atuh Nyi Usni pingsan, keur mah cape geus leumpang jauh tuluy Karnadi euweuh. Satepina ka imah Nyi Usni kapoekan, tetenjoanana karoneng, sukuna rampohpy, nepi ka budak nu orok ceurik ge teu kaperhatikeun ku Nyi Usni, nepi ka eta budak orok maotna.
Isukna Marjum nyusulan karnadi, Karnadi teh kudu gancang balik kusabab geus lila teu balik-balik, karunya ka Nyi Usni. Karnadi pamitan heula ka Eulis Awang yen manehna rek nyiar soal tanah, tuluy Karnadi ge pamitan ka Mas Sura.
Satepina di imah, Nyi Usni hare-hare ka Karnadi, ditanya “dimana barudak?” Nyi Usni teu ngajawab. Basa tatanggana ngabejaan yen anakna nubungsu jeung nuncikal maot. Ti dinya Karnadi kaduhung tuluy ngahuleung. Peuting-peuting sanggeus hujan, Karnadi ngalaa deui bangkong ka sawah, tapi ayeuna mah sorangan, sabab Marjum geus eraeun sosobatan jeung Karnadi. Satepina di sawah euweuh bangkong hji-hiji acan, Karnadi kaapoekan tuluy malidkeun maneh ka Citarum nu kabeneran caina keur caah kusabab tas hujan tea, kerebek teh Karnadi ngelelep, mayitna umpal-umpalan kabaea cai.

14 komentar:

  1. nuhun kang sinopsisna
    mayan buat bahan copas tugas huehuehue

    BalasHapus
  2. karunya pisan ka karnadi ��

    BalasHapus
  3. Pangarang : Samsoedi
    Pamedal(penerbit) : PT.Kiblat Utama
    Tebel buku : 68 kaca (halaman)

    Sinopsis

    Si Dirun salah sahiji budak anu kacida bangor manehna sok resep pisan ngabohongan kolotna nepika duit bayaran oge sok di pake judi, hiji mangsa si Dirun ngarasa dosa jeung hanjakal ka kolot na lantaran osok ngabohongan. Pas manehna kanyahoan judi ku kolotna, tidinya si Dirun dicarekan bebeakan terus manehna jangji ka kolotna yen manehna moal bangor deui. Ti harita si Dirun jadi budak anu bager.

    Hiji mangsa si Dirun indit arek ngala manuk ka sawah, wanci magrib manehna can mulang nepika diteangan ku kolotna. Sebat indungna neangan, indungna pohoeun yen manehna teh keur nyangu di hau nepika imah na kadurukan anu matak indung na si Dirun maot teras teu selanh lami bapana nyusul indung na maot.

    Si Dirun jadi yatim piatu terus di urus ku ua na anu beunghar tapi medit pisan, si Dirun lain sakola kalah dititah ngangon munding. Pas manehna kasarean keur ngangon munding aya banjir gede pisan manehna kabawa ku eta cai ahirna manehna salamet. Nepika aya bapak Dihun anu manggihan manehanana, beuki lila diurus ku pak Dihun manehna diangkat jadi anak ahirna si Dirun sukses nalayan sagala bisa.

    BalasHapus
  4. Minta bantuannya untuk sebutkan unsur intrinsik novel rusiah nu goreng patut?

    BalasHapus
    Balasan
    1. Sami abi ge sesah kang milarian na kangge tugas :(

      Hapus